Sinopsis
Awéwé nu kungsi tikunclung kana kanistaan nepi ka jadi awéwé bangor, henteu babari balik deui jadi jelema bener, sabab henteu salilana lingkungan pakumbuhanana méré jalan pikeun tobat. Ieu téma téh sering digarap ku para pangarang. Dina basa lndonésia upamana aya "Sejuta Matahari" (1963) karangan Mottinggo Boesje nu nyaritakeun Tumirah urut ungkluk anu nasibna hadé tepung jeung Haji Cholil Masudi anu daékeun narima manéhna jadi pamajikanana sanajan Tumirah ahirna balaka ngeunaan kasangtukangna nu kungsi jadi awéwé bangor.